Salah Tembak
Ditulis ku : Iip Saripudin
Salasa,06 Oktober 2009
Instruktur : yeuh tingali akang kumaha cara ngabedil anu bener, ceuk instruktur ka anak buahna.
Anak buah : naon kitu anu rek di bedil teh?
Instruktur : itu… buah anu ngagantung dina dahan.
Teu sabaraha lila dor…bedilna kasada, tapi nu murag lain buah nu di maksud, malahan bajing nu keur culak cileuk dina dahan.
Instruktur : teu kunaon-naon da bajing oge bisa di dahar, malahan leuwih ngeunah. Sok giliran silaing ngabedil. Tuh aya bajing hiji deui. coba bedil sing meneran.
Anak buah : siap laksanakeun kang!, ceuk anak buah sigep.
Terus bedilna di tujukeun ka bajing anu keur ngadahar buah dina dahan. Teu lila bedilna kasada, dor…..! tapi numurag lain bajing malahan buah nu keur di dahar ku bajing. Atuh puguh instruktur teh ngacacang bari mulakcangkeng.
Anak buah : teu kunaon-naon atuh kang, da buah oge bisa didahar, loba vitamina deuih, pan sehat kana awak.
Instruktur : nagajawab wae ari diomongan teh!
Anak buah : sanes kitu kang, pan saur akang kedah nurut naon anu dipilampah
ku akang. Abdi ge nurut naon anu tos dipilampah ku akang.
Anak buah : Insyaallah kang….
Instruktur : Tah kitu
Sanggeus parea-rea omong, terus maranehna ngiuhan sabari istirahat.
Sukabumi, 2009
Tidak ada komentar:
Posting Komentar